Guyonan Urang Sunda

Anak Gajah Lucu

Anak Gajah Lucu

Kalau yang sekarang ini aku punya cerita lucu nie tapi bahasa Sunda, jadi yang ga ngerti bahasa sunda..

maaf ya.. karena akan jadi gak Lucu, he he ..
Ini adalah cerita lucu bahasa sunda atau lebih kerennya bodor sunda,, cerita ini ku persembahkan tuk sobat yang suka ketawa sendiri, berdua atau bertiga juga ga papa.. dan baik juga untuk orang yang lagi galau.. (moga sembuh setelah baca cerita ini ya..).

kutipan tina majalah mangle, ketawa.com, banyolan sunda, cangehgar, Sundanologi.com, carita pribadi, dll..

loading (5)

.

Si Kabayan

TEU NGEUNAH

Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”

loading (5)

KADUNYAAN

Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan               : “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan               : “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”

.loading (5)

SURAT KATRESNA MODEL HACKER
Lamun seug hate anjeun teh system….,
kuring rek ngalakukeun scan, supaya kuring nyaho port mana anu masih kabuka, supaya kuring henteu ragu ngalakukeun c:\nc-l-o-v-e ka hate anjeun. Kiwari kuring ngan saukur wani ping di satukangeun anonymouse proxy. Naha ieu nu dirasakeun teh katresna? Nepi ka kuring ngarasa kumeok memeh dipacok, atawa mungkin kuring eleh wawanen, whatever!
Lamun seug hate anjeun teh system……,
Kuring miharep bisa ngamangpaatkeun vulnerabilities anjeun, make PHP injection bari terus ku kuring di 1s-1a;find/-perm777-type d, nepi ka kuring yakin yen dina hate anjeun masih aya folder kosong atawa free space keur kuring. Mungkin kuring kudu masang backdoor “Remote Connect-Back Shell” keur nungguan connect ti anjeun, supaya kuring henteu gering ngalanglayung.
Lamun seug hate anjeun teh system….,
Dina mangsa sakabeh request ti kuring ditarima ku anjeun, kuring rek terus stand by di bug anjeun nu pang anyarna, bari terus patch n patch. Salawasna kuring bakal ngajaga service anjeun supaya teu ngalaman crash. Kukituna, bere kesempetan keur kuring supaya jadi firewall anjeun, supaya kuring bisa masang port entry jeung nyeting error page anjeun ku “The page cannot be found Coz Has Been Owned by Someone, get out!”. Kuring jangji, yen moal aya macelinious program atawa service nu hidden, sabab kuring beurat ku katresna jeung kaasih ka anjeun.
Lamun seug hate anjeun teh system….,
Ulah nepi ka aya babasan “You dont have permission to access it” keur kuring, lamun teu satuju, kuring miharep supaya di ping flood atawa DDos Attack, ulah atuh ah….! Anjeun kudu jadi panglipur kalbu pemepes hate keur kuring.
Ngan hanjakal, anjeun teh lain system. Anjeun wanoja nu dipicangcam, nu geus ngajadikeun system kuring jadi ngaco. Dina wanci nu mustari, kuring bakal datang ka anjeun keur nepikeun eusi hate, yen kuring teh geus kainfeksi virus anu ngajadikeun kuring gering nangtung ngalanglayung. Teu aya deui anti virus nu bisa nyegah, lintang ti….. ANJEUN!
 .loading (5)

KASIEUNAN NYANDUNG

Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, do’ana kadangueun ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : “Hey…kunaon maneh ceurik?”

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngado’a ka dewa. Do’ana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan abdi teh!”
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!”

.
(ti luhur sumberna : sundanologi.blogspot.com)
 .loading (5)

Mimpi Malam Jum’at

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum’at.
Orang Jawa : “Mas abdi wengi ngimpen
Orang Sunda : “ngimpen naon mas?”
Orang Jawa : “Ngimpen bobo jeung nu geulis.”
Orang Sunda : “Kumaha dina jero impenannana?”
Orang Jawa : “Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we.”
Orang Jawa : “Eh ngimpen deui.”
Orang Sunda : “Bari kerung, ngimpen naon deui mas?”
Orang Jawa : “Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we.”
Orang Jawa : “Eh abdi ngimpen deui”
Orang Sunda : “Ngimpen naon deui mas?”
Orang Jawa : “Ngimpen ee”
Orang Sunda : “Kumaha tah?”
Orang Jawa : “Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha….”

loading (5)

.

Geus Poe Jumaah

Ama : “Ful, ari ayeuna poe naon?”

Eful : “Poe Kemis”

Ama : “Ari isukan”?

Eful : “Poe Jumaah”

Ama : “Ari geus Jumaah?”

Eful : “Nya balik atuh Ma, piraku cicing wae di mesjid”.

Ama : “Pinter geuning Eful mah.”

(Eful jeung Ama ting serengeh, bari dibaturan ku nu maca )

loading (5).

Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : “Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?”
Abah : “Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003”
Kabayan : “Uiii hebat euy …”
Abah : “Abah teaaa ….”, bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : “Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah.”
Abah : “Ah… ceuk sahaaa …??”
Kabayan : “Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina

ganti ngaran jadi Jiang Zemin … hehehe … Kabayan tea…”

(bari gura-giru ngaleos)
Abah : “Dasar si borokokok !!”

loading (5).
Budak jeung Emana

Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : “Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?”
Emana : “Salapan bulan salapan poé !”
Budak : “Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?”
Emana : “Tilu taun !”
Budak : “Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?”
Emana : “Tilu taun ogé !”
Budak : “Jadi nu salapan bulan salapan dinténna…?” (tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : “Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!” ( rada gugup)
Budak : “Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!”
Emana : “Geus ah tong loba tatanya, Pamali!” ( bari ngaléos indit ) (SR)

loading (5).
Ngajawab Soal Ujian

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make
Implik-implik kieu: “Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.”

loading (5).
Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda

a. Saving Private Ryan – Nulungan si Rian
b. Enemy At The Gate – Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard – Teu Paeh-Paeh
d. Die Hard II – Can Paeh Keneh
e. Die Hard III With A Vengeance – Nya’an euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys – budag bedegong
g. Rocky – Osok Neunggeulan Batur
h. Rain Man – Lalaki Cicing di Bogor
i. Here’s Something About Marry – Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission Impossible – Moal Bisa
k. Titanic – Tilelep
l. Paycheck – Nganjuk Heula
m. Reign of Fire – Beubeuleuman
n. Original Sin – Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In Seattle – Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The Lambs – Embe Pundung
q. Ghost – Jurig Kasep
r. Bad Boys – Budak Baong
t. Home Alone – Tinggaleun
u. Casablanca – Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty Seconds – Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening – Hudang Sare
x. After The Sunset – Tereh Maghrib

loading (5).
KADAHARAN PALING HARAM

Ali : “Kadaharan naon nu haram?”
Adun : “Babi..!”
Ali : “Nu leuwih haram deui?”
Adun : “Babi nu ngandung babi deui.”
Ali : “Nu pangharamna?”
Adun embung eleh : ” Babi nu ngandung babi teu boga bapaan,…!”

loading (5).
BAU JENGKOL

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

“Nyi…nyi urang sunda nya ?” ceuk sinini bari melong anteb.
“Mu..mu..muhun!” tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..

“Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !” Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

“Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?”
“Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !”

loading (5).
DISITA

Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan.
Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?”
Usro : “Rumaos, Pa”.
Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !”
Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer.

loading (5).
NEANGAN MUATAN

Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha kuringteh dibawa katasik?“.
Kenek :“Sabar, Cep…..bade milarian heula muatan!“
Kuring :“Sugan geeeelo !“

loading (5).
NINI UTI
Kusabab hanyang ngora, teu talangke dei Nini Uti meuli jajamu awet muda saratus bungkus. Kulantaran hayang gancang karasa hasilna, jajamu nusaratus bungkus the diinum disakalikeun. Na da etamah Nini Uti ngadadak jadi orok. Sabab ngora teuing da nginum jajamu awet mudana teu make aturan. Ayena Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku Aki Abdul.

loading (5).

TALEUS
Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuluy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah… memeh didahar, garoan heula taleusna!”.

loading (5).

TARUCING
Adang :”Buah naon anu dimimitian kuhuruf A, B, C, D, E, F, G jeung huruf H ?”
Agus :”Moal aya atuh. Dina ayana oge tangtu buah anu aheng”,
Adang : “heug atu, bisi can nyaho mah ku kukring dibejaan, nyaeta :
A : Anggur
B : Bener nya anggur
C : Ceuk urang ge anggur
D : Da anggur
E : Eta teh anggur
F : Fan anggur
G : Gan ceuk kuring anggur anggur
H : Heueuh nya anggur.

loading (5).
OJEG
Endul : “Mang, ka tonggoh sabara?”

Tk Ojeg : “Nu biasa mah duarebu limaratus!”
Endul : “Boga duitna ngan sarebu”
Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!”
Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalapa.
Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun kieu?”
Tk Ojeg : “Hampura Endul, mayar sarebueun mah teu diereman!”
Endul : “Beu…………………..!”

loading (5).
KEUR KONENG

Kabayan : “Kunaon teu puasa, teung?”
Iteung : “Keur beureum, ari Akang kunaon teu puasa dei?”
Kaabayan : “Keur………keur koneng akang mah}
Iteug : “Keur koneg kumaha ?”
Kabayan : “Tuh aya buktina di WC”.

loading (5).
HEUREUY DOKTER
Pasen :“Dokter, leres abditeh katarajang kasakit koneng ?“
Dokter :“Leres“.
Pasen :“Naon tandana atuh ?“
Dokter :“Kapan eta waos Bapak ?“

loading (5).

Tiup Lilin?
Neng Odah nuju ulang taun ka-8. Jam tujuh peuting acara dimimitian.

“Tiup lilinnya…. tiup lilinnya… tiup lilinnya sekarang juga…sekarang juga!” sadayana anu hadir nitah Neng Odah supaya niup lilin.

“Embuuuuuuuuung ah!” Nyi Odah nutupan biwirna, balem pisan, bari jamotrot.
“Naha Neng Odah bet alim niup lilin?” Mamih Iroh naros semu leuleuy.
“Iiih… si Mamih mah! Panan Papih nuju tugas wengi! Pami dipareuman lilinna, karunya atuh si Papih!!” ceuk Neng Odah inget ka bapana, hiji-hijina jelema nu teu hadir di acara ulang taunna.

loading (5).
PUTUS
Didin :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Didin teu nyaah, tapi……….”
Mumun :“Naon ari Didin ? Hubungan naon ieuteh ?“
Didin :“Muhun, hubungan perkawis hutang“.
Mumun :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“

.

Klik kumpulan “Cerita Humor

Logo icon meme berprestasi efullama 2014

Tinggalkan komentar

Tinggalkan komentar