Pupujian Basa Sunda

Animasi Lapad Allah+RosulkuLagu Pupujian berbentuk syair berisi tentang pengajaran agama Islam, nasihat, puji kepada Allah, salawat untuk serta doa, Lagu pupujian tanpa menggunakan iringan sering dibawakan di masjid atau madrasah, biasa sebelum dilaksanakan shalat, ceramah dan kegiatan lainnya. Saat ini lagu-lagu pupujian berbahasa Sunda (Tagoni, Qasidah) telah berkembang pesat dengan bentuk dan nama yang baru seperti Nasyid, penyajiaanya tidak hanya di masjid atau madrasah, tetapi telah pula ditempat-tempat keramaian, termasuk dalam perayaan keagamaan, khitanan, pernikahan dan lain sebagainya. Mang Koko dengan Rumpaka dari RAF banyak membuat lagu-lagu Pupujian ini, seperti lagu Hamdan, Ajilu, Shalawat Bani Hasim, dsbnya.

.

PUPUJIAN  KANGJENG NABI

Saturday, March 28, 2009  Bandung

.

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan
Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna
Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi
Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur
Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat
Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis
Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana
Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran
Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan
Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana

.

loading (5)

.

Tiasa ditingal deui nu sanesna…
Pupujian ka Kangjeung Nabi Muhammad SAWPupujian Hirup di Dunya Ukur Ngumbara Pupujian Anak Adam Pupujian Eling-Eling Dulur Kabeh5 Pupujian Kisah Sang Rosul dari Habib Syech by efullama 200515


.

Logo vespa efullama 11_13

20 Komentar

20 thoughts on “Pupujian Basa Sunda

  1. Ping-balik: Pupujian “Hirup di dunya ukur ngumbara” « efull@ma

  2. asep amin

    asa emut nuju keur alit nuju ngaos

  3. Ping-balik: Keseimbangan Alam | ESDE SATU

  4. walah mantep kang, jadi emut waktu katukang, haturnuhun kang

  5. Rahmat

    hatur nuhun tina sagala elmuna pamugi janten manfaat tur barokah

  6. sunaqdi ad assajatamy

    Alhamdulillah… Hmmm asa nalangsa kumargi ampir tara nguping anu pupujian sepertos ka punkur..??

  7. Ping-balik: Daftar Isi | eBOOK Efullama

  8. hatur nhun pisan a

  9. ahmad

    hatur nuhun pisan pupujianna, jadi abdi tiasa ngerjakeun tugas

  10. Khodijah

    haturnuhun.. seer kenangan nju alit ngaos..

  11. ahmadrypai9@gmail.com

    meuni sae pisan kanggo pupujian d masjid 🙂

  12. cahyadi

    hapunten anu kasuhun, simkuring parantos ngopi pupujian ti akang, simkuring seja ijajah manawi di widian ku akang

  13. Salam kenal. Blogwalking Majalengka.

  14. Hapunten Manawi wios abdi Bade copy pupujianna.. Manawi lironan sareng to blog abdi mangga.

    Haturnuhun sateuacana

Tinggalkan komentar